Sang Legenda dari Masa Lalu
“Lamun pareng aya dina mangsa nu sarua, lamun cunduk dina waktu nu sarua. Hanjakal waktu teu saluyu jeung kahayang urang sarerea, kahayang ngan ukur lamunan anu moal datang. Panyeucreuk ati nu diwanti wanti, jajaka kasep nu di puja-puja. Ayeuna urang papisah, kapisah ku wanci jeung mangsa. Tujuh sagara ku kuring dijugjug, tujuh buana ku kuring disaba.”
“Harepan ngadadak leungit, nu aya ngan ukur papait. Kanyaah ati ngan jadi kanyeri, kaheman rasa ngan jadi tunggara. Jajaka nu dipikacinta nyata teu aya ragana, tapi sanajan nepi ka erep alam dunya, rasa kuring ka anjeun moal pernah suda. Jajaka panutan ati sanubari, lamun bisa ngabalik wanci,
kahanjakal pasti moal katepi, kahoncewang pasti mo
Sikat na Kabanata